Kuningan, UPMKNews -- Dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional, Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra Daerah (HIMA DIKBASTRADA) STKIP Muhammadiyah Kuningan seja ngalaksanakeun kagiatan pasanggiri nu ngaduhan tema "HURIP DIKBASTRADA HIRUP SUNDA RUMAWAT BASANA WALUYA BUDAYANA"

Bewara pikeun para wargi Sa-Ciayumajakuning teu kenging hilap pendaftaran Pasanggiri Cakrawa Budaya Sunda IV (Opat) kantun sababaraha poé deui!

Naon wae sih nu aya dina pasanggiri CBS IV?

- Pasanggiri Aksara Sunda Tingkat SD/Sa Kabupaten Kuningan 
- Pasanggiri Kawih SMP/MTS Sa Ciayumajakuning 
- Pasanggiri Dongeng SMP/MTS Sa Ciayumajakuning
- Pasanggiri Sajak SMA/SMK Sa Ciayumajakuning
- Pasanggiri Poster budaya SMA/SMK Sa Ciayumajakuning
- Pasanggiri Borangan SMA/SMK Sa Ciayumajakuning

Eitsss, samemeh daftar, mangga parios heula sababaraha syarat sareng katentuan anu tos dicantumkeun 
Link Tautan :
https://linktr.ee/cakrawalabudayasunda


Informasi langkung jentre aya dina Instagram @Cakrawalabudayasunda_    

Ngantosan naon deui? Hayu daftar janten Pamilon dina Pasanggiri Cakrawla Budaya sunda !!

Diantos ...🙌🏻